dah ceunah teu perlu nanya jalma leutik kabeukina paling kejo jalma gede lampah loba nu teu hade leuweung, gunung, kebon, walungan, laut, sawah, malahan getih batur geh dihakan meungpeung aya kasempetan meungpeung kuat ku jabatan kdu maok bulak balik mikir heula cicing di gudang nu gelo! jalma leutik mah siga sireum meus meus katincak meus-meus katincak angguran mah urang leuwih deukeut ka gusti suga isuk pageto mah urang aya diluhur ulah siga nu garelo nu didongengkan tadi sakitu wae lah ti kuring mah lamun kuring kurang hade nyarita hampura we dah kuring kurang nyakola eta oge lain teu hayang sakola ngan kapan sakola ayeuna mah sagala kudu ku duit Abah Eon ku duit! da ceunah soal angka peunteun mah bisa kitu oge ceuk beja (harunten ka baraya di P dan K) Lamun seug bener teh eta beja ayeuna loba nu boga gelar sarjana uteukna mah biasa biasa saja