lamun hitut siga sora bangkong mojang bedegong nu ngaku urang jelekong lamun kerek siga sora bangkong mojang bedegong nu ngaku urang jelekong ti bau cikur icalan cintrong mojang bedegong nu ngaku urang jelekong cita cita boga salaki garong di alun alun panggih jeung si mehong nu ayeuna jadi tukang bangkong di modalan ku haji engkong (urang cibintu tah haji engkong teh bah eon) rumah tangga anyang-anyangan mojang bedegong nu ngaku urang jelekong teu bisa tumarima kana kaayaan mehong anu penghasilan ngan saukur tina bangkong hayang televisi ngan kabeli gambar toong beuki maceuh ngelmu bagong mejeng hayang meunag jodo! mojang bedegong urang jelekong lalaki benghar jeung kasep nujun atuh ari geus senang mah ulah bedegong deui we nya! kuring mindeng pisan panggih keur dahar kuring tumaros "nyai, sanes kapungkur mah cita-cita teh palay kagungan caroge ka garong naha teu janten, robih pamadegan?" "ah henteu kang doel, justru abdi teh upami abdi nyiar caroge garong margi tangtosna age moal aya garong anu wantun ngangken garong atuh kaleresan abdi pendak sareng pamegat kasep bari jabatanana basah binga kabina bina abdi teh da geuning carage abdi anu pajabat sagala rupina langkung ti garong!" da ceuk pikir kuring age memang urang duakeun we ku urang mojang bedegong sing geura eling Doel Sumbang Mojang Bedegong Urang Jelekong